Senin, 07 April 2014

tapel wates

TAPEL WATES

22 Desember 2010 pukul 22:10
harepan tatal jati
di gupay umur d tingalkeun wanci
ngaleos teu pamit,teu basa basi
gamlangna harepan kaliwat bari
ngajugjug cita-cita nu di halimunan
ku tuk trek na waktu
warna angin ngarubah patapakan
tempat nyusud rumingkangna,nepak landean hirup.
geuning ajir lain patok panyorangan
tapel wates baceona dunya antar rohangan,
hareupan sajeroning ngeteyeup
ngan saukur pupulasan wungkul
ngadaun jauh ngabuah
jauh ngadaun
jauh ka kembangna
di gupay umur di tinggal katresna


Tidak ada komentar:

Posting Komentar