Kamis, 17 April 2014

raga badag nu gumarabag

IMG-20140407-00059.jpg Kuring mah teu paduli  lewih hade hirup sarebu taun deui,najan raga badag gumarabag

                        

lamun neteup ka lamunan sok aya hiliwir angin ka kangen nyanding rupa ngagentraan hate nu kungsi ka gupay ku seahna peuting jempling nangunjarkeun bangbaluh,ka suluhan ku ruhayna imlengan nu teu manggih panungtungan.nunggeulis jadi cukang lantaran  diri ngangkang ngahontal jirim nu ngapung di awang-awang.angin peuting turun rebun-rebun samemeh pangangeusan nepak lewi ka ketir lewih jero.diri muncicid garang pamohalan moal bisa tibra  dina pambaringan salamar lamunan aheng.kusabab anjeun geus bisa balayar jauh ngayuh dayung ka tengah talaga kaheman nu lain,tapi dunya sumpek kuma dadakan neken dada.kuring lalaki ngajirim sariring tameng meteung.teu sudi kudu ngucur cimata sok sanajan rewuan bangbaluh terus nguntit jauh  ka panyalingkeran,peuting jemling ngagerenteus laun  maturan  panyusudan diri.hawar-hawar tembang ngarumpaka di tabuh para dewata nyambut simpe anu mepende.,teu paduli anjeun ngembang gugupay menta rakehan carita katukang eta mah ukur matamorgana patalina hirup nu ngarambat ka jalan pameuntasan urang.tong hariwang kandasna pamaksudan paruntungan mah moal lumpat ngajauhan,boa-boa isuk geto mah aya samporetna sarengenge nutug ka jirim nu bisa ngajait rasa ngajirim sariring mega bungur ti lebah tutugan jalan embateun.




                                                                        
IMG-20130822-01286.jpg
Isuk-isuk nyaksian kuniangna raga tinu patapaan nyinglarkeun lalangse aheng.kuring mah raga nu rapuh,raga nu taya daksa,ngagerihan hirup ku kaketir tapi lain alesan anjeun tutunyuk  tur neteuli.sabab kuring mah lewih teu paduli hade hirup sarebu taun deui.

 Bandung,17 april 2014

Tidak ada komentar:

Posting Komentar