Jumat, 23 Mei 2014

puisi_hujan poyan

                          Hujan poyan
Lamunan anu manjang
Kacampuran simpe anu nyaring guligah
Jempling anu ngaramat kanu dahan gogoda
Leuwih seseleket nyacaran saaweuhan eurih kapeurih
Sajak-sajak kaheman geus hapeuk lantaran teu kateang wanci katukang
Kusabab urang masih sibuk neangan diri masing-masing.
Tapi anjeun geus lain deui,kudu ngumbara lamunan.
Hujan poyan kudu kasorang ku endahna,
Ameh apal urang masih butuh sewang-sewangan.
Kuring kapaksa nyalingkeur waktu nilepan simpe nu mepende,
Ulah rek jonjon ka simeuhan ku aweuhana lagu dunya sagara anu mimitan baranangna bentang ,
Urang bakal ka kasampeur balebat nu ngembatkeun sapanjang jalan sorangeun.
Lain taya tanpa daksa kudu neuleuman guruhna samudra aheng
Atawa gulidagna curug asih nu hamo ka teang,
Teup anteupkeun seahna hujan datang nembongan,
urang kudu ngejatkeun bangbaluh ameh ngarti hartina dina panyusudan.

                                                Karya:sky shucaya



Tidak ada komentar:

Posting Komentar