Kamis, 27 Maret 2014

puisi sky shucaya

KEMBANG KATRESNA




Awalna...
Turun kana rambut jadi ka emut
Turun kana soca jadi cinta
Turun kana pangamung jadi patepung
Turun kana pipi jadi ka impi
Terus kanu biwir jadi ka ketir


         ngambang kana raga hayang bagja
         ngambang kana ati hoyong ngahiji
         ngambang kana hate jadi bebende
         ngambang kana getih jadi geutih.


terus ngalengkah jadi endah
terus keupat taya nu lepat
terus ngajugjug ku renghap ranjug 
anjeun mah kembang katresna 
nu asri sing wengi 



bandung,17 september 2012

Tidak ada komentar:

Posting Komentar